KULAWARGA SATYA Narator: Narator: Di hiji kampong, aya hiji kulawarga anu hirupna sederhana. Kulawarga eta kagungazn 2 budak nyaeta Jeniper jeung Inces ngarana. Indung jeung bapakna nyaeta Juleha jeung Satya Wardana. Julaeha: “Aduh ieu kahirupan abdi teh mani teu bagja bagja wae.” Narator: Si Jeniper datang. Jeniper: “Bu, menta duit lah.” Julaeha: “Timana boga duit neng, bapak can balik, ieu gawean can angges jang naon atuh.” Jeniper: “Jang meuli pulsa atuh.” Julaeha: “Ek sabaraha bungkus nyah? keun dipangmeulikeun.” Jeniper: “Emangna baso di bungkus? mana bu gewat.” Julaeha: “Yeuh aya ge sarebu.” Jeniper: “Mahi kana naon sarebu mah.” Narator: Saengges si jeniper kaluar, kaliwat abus si incess. Incess: “Bu menta duit lah.” Julaeha: “Jang naon deui nyah? tadi jeniper anu menta duit teh.” Inces: “Nya jang dahar atuh bu” Julaeha: “Ken atuh urang di pangnyieunkeun ari rek dahar mah, ek jeng naon nyah jeng tempe, tahu, tawa sayur jengkol?” Inces: “Hahh? Sayur jengkol??? Embung ah, bisi bau hawa.” Julaeha: “Lha terus hayang na naon atuh?” Inces: “Hayang duit bu.”
Julaeha: “Yeuh aya oge lima ratus, daek teu?” Inces: “Ah kur lima ratus mah moal mahi jang dahar mah.” (bari ngaleos) Julaeha: “Astagfirullah.” ( bari gogodeug) Narator: Saengges mayetan si ibu the indit dagang sayuran. Julaeha: “Buaaaaaahhhh! Hayu digaleuh,buah amis sarta seger! Buaah, buaaah!” Juleha: “Aduh,naha henteu pajeng nya? Atos tabuh segini,abdi wangsul wae deh. seueur keneh pagawean di imah.”
Narator: Akhirna si ibu balik ka imah.Pas di imah si ibu ningali si bapak anu ker sasarean. Julaeha: ( bari ngalungkeun nyiru ka si bapak ) “Ari silaing kalakah sasarean,ari itu dagang ek ku saha?” Satya: “Aduh bu ken engke atuh kuring teh teu kuat nyareri awak.” ( bari nyekelan suku ku bakat nyeri di baledog ku nyiru) Julaeha: “Lain engke apal boga budak aralus adat heg jig jig gancang geura dagang. Henteu percaya kot nyareri awak heg tas naon atuh bisa nyareri awak.” Satya: “Tadi pas ngala kalapa labuh. ” Julaeha: “Ohh heeh ari kitu mah.” Narator: Jeniper jeung Inces indit ka sakola na kabeurangan. Pas nepi ka kelas. Guru: “Ieu nya juniper, inces ku naon make telat?” Jeniper: “A-anu bu, teu aya cai bu saat di WC na jadi we kudu ka sumur.” Inces: “Enya bu.” Guru: “Emangna timana kamana jarak sumurna make bisa lila?” Jeniper: “Ti kelas ka gerbang payun bu”. Guru: “Maenya ti dieu ka dinya mani lila?”
Inces: “Nya, lila atuhh bu da ngantri.” Guru: “Nya engges atuh sok diuk lah lierr yeuhh!” ( bari gogodeug ) Jeniper,inces: “Oke bu”.( bari lempang kana bangku ) Narator: Ibu Julaeha dagang terus aya polisi anu nyamperkeun. Julaeha: “Buaaaaaaaahh! Hayuatuh digaleuh, buah amis sarta seger! Mirah deui,” Polisi: “Punten bu muhun ibu sareng ibu Julaeha?” Julaeha: “Muhun aya naon nya pak?” ( bari molohok ) Polisi: “Bu putri ibu aya di kantor polisi?” Julaeha: “Kantor polisi? emang budak abdi salah naon pak?” Polisi: “Budak ibu gaduh kasus NARKOBA”. Julaeha: “Hahhhhhh? NARKOBA?? Maenya budak kuring narik kolor bapakk?” Polisi: Sanes atuh bu! Ngarah jelas sadayana, hayu we urang ka kantor polisi.” Narator: Si ibu jeung polisi indit ka kantor polisi. Pas nepi ka kantor. Jeniper: ( bari nyekelan suku ibu julaeha ) “Bu, hapunteun Jeniper nya bu.” Inces: “Enya bu, Incess ge hapunteun nya bu.” Julaeha: “Enya ku ibu di hapunteun. asalkeun ulah di ulangi deui nya.” ( cek si ibu bari ceurik terus di tangkep tah du budak na ). Narator: Saengges kajadian eta, Jeniper jeung si inces tobat. Maranehna jadi budak nu tat ka indung jeung ka bapak na. TAMAT