Artikel.docx

  • Uploaded by: Mila Rahayu
  • 0
  • 0
  • November 2019
  • PDF

This document was uploaded by user and they confirmed that they have the permission to share it. If you are author or own the copyright of this book, please report to us by using this DMCA report form. Report DMCA


Overview

Download & View Artikel.docx as PDF for free.

More details

  • Words: 366
  • Pages: 2
Kaendahan Kawah Papandayan

Tempat wisata jaman kiwari lain kaendahan alamna hungkul, tapi diteanganna anu keur rame-ramena dina kalangan remaja atawa dina sosial media. Di Jawa Barat khususna di Garut loba pisan tempat-tempat wisata teh salah sahijina kawah papandayan. Wisata kawah papandayan nyaeta anu tempatna di Cisurupan, Kabupaten Garut Jawa Barat, ngaran papandayan ieu asalna tina carita rakyat anu ceunah pernah ngadenge sora goib pas keur ngaliwat gunung papandayan sorana nyeta siga pandai besi anu keur diolah jadi beusi perkakas, tah tidinya asal-usul disebut gunung papandayan teh. Daya tarik wisata kawah papandayan nyaeta : 1. Kawah Salah sahiji objek anu paling utama dikawah papandayan nyaeta sesa letusan gunung anu nepikeun ka ayeuna masih aktif, kawah

ieu terakhir kajadian

meletusna nyeta dina taun 2002. Saacan kajadian eta, loba ngaran-ngaran kawah diantarana kawah sibaladagama, kawah emas jeung sajabana, ngan hanjakal kiwari kawah-kawah eta geus euweuh. 2. Hutan Mati Hutan mati anu bisa disebut oge dead forest anu ngabogaan pamandangan anu kaetang endahna, kusabab saha wae jalma anu datang kawisata ieu ibarat keur aya dina planet mars tatangkalan anu geus paeh disanding kupanorama gunung papandayan anu kacida endahna. Fasilitas kawah papandayan nyaeta :  Gerbang utama

 Timimiti abus ka kawasan papandayan bakal disambut ku gerbang utama anu lumayan gede, pos utama nyaeta tempat administrasi atawa tempat pembayaran.  Tugu selamat datang Samodel tugu pikeun nyambut para wisatawan.  Shelter Nyaeta parkiran pikeun nampung kendaraan wisatawan.  Saung bambu Saung anu dijieun tina awi anu bisa dijadikeun tempat istirahat atawa dalahar.  Masjid Tempat utama anu di sadiakeun keur kanyamanan ibadah para wisatawan  Kantor informasi. Tempat informasi anu disadiakeun pikeun aya anu kaleungitan atawa naon bae anu perlu dibabarkeun.  Wc Sadia anu lumayan cukup loba ti mimiti shelter nepi ka tempaat kemping  Menara pandang Fasilitas anu disadiakeun sacara gratis keur para wisatawan anu bisa dijadikeu keur ngabadikeun foto.  Kolam rendam Fasilitas anyar keur kanikmatan para wisatawan hanetna cai warirang anu asli sumberna tikawah papandayan sarta ngabogaan manfat kana sagala rupa.  Security 24 jam Satpam anu siap ngajaga para wisatawan 24 jam supaya kaamanan jeung kanyamanan nana kariksa. Salian ti kaayaan anu geus dicaritakeun diluhur kawah papandayan teh bisa dijadikeun tempat kemah, fofotoan, jeung liburan keluarga.

More Documents from "Mila Rahayu"