Sunda.docx

  • Uploaded by: Virani Ptri Permatasari
  • 0
  • 0
  • May 2020
  • PDF

This document was uploaded by user and they confirmed that they have the permission to share it. If you are author or own the copyright of this book, please report to us by using this DMCA report form. Report DMCA


Overview

Download & View Sunda.docx as PDF for free.

More details

  • Words: 1,518
  • Pages: 5
Nama

: Virani Putri Permatasari

Kelas

: XII IPA 2

"Kabersihan Lingkungan" Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuhu Wilujeng Enjing hadirin Sadayana ayena.Bapak Guru, Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan siswa siswi Sman 5 karawang nu dipikacinta. Langkung ti payun hayu urang sanggakeun puji sareng sukur urang ka Allah nu parantos masihan nikmatna ka urang sadayana, sapertos nikmat kasehatan oge wakto luang dugi ka tiasa patepang raray di acara ieu. Alhamdulillah urang oge tiasa kempel di tempat ieu dina kaayaan sehat. Para hadirin anu sim kuring hormati. Dina waktos ieu, sim kuring bade ngadugikeun tema tentang kumaha pentingna hirup bersih oge sehat kanggo kahirupan urang sadayana. Luyu jeung hadis Rasulullah shallallahu ‘alaihiwasallam bahwa kabersihan teh sabagian tina iman. Salaku jalmi anu beriman, tangtuna urang ulah ngalalaworakeun perkara kabersihan. Urang sadayana kedah ngajagi lingkungan oge awak urang sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyawat. Ku margi kitu, urang sadaya kedah ngajalankeun hirup urang sadidinten ku cara nu leres oge sehat. sapertos ibak ngarah awak bersih, ngosok waos nu rutin, meresihan kuku maksial samingon sakali, eta sadaya salah sahiji conto hirup anu sehat. Conto sanesna saperti miceun runtah dina tempatna, ulah nyiduh di mana wae, lamun batuk atawa beresin baham keah ditutupan. Lamun sadidinten urang ngajaga kaberesihan, awak urang bakal beresih tina sagala kokotor ku kitu badan arurang the jadi sehat.Urang kedah resep oge mikacinta kana kabersihan diri oge lingkungan sangkan hate urang ge suci sareng bersih. Para Hadirin sadayanu sim kuring dipikahormat. Cekap sakitu nu tiasa sim kuring haturkeun, pamungkas ti sim kuring pribadi, bilih aya kecap anu kirang merenanah larapna atanapi aya basa anu kirang entep seureuhna, mugi para hadirin sadaya kersa ngahapunten. Hatur nuhun sadayana atas kana sagala perhatosanana. Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuhu.

Nama

: Meliana Alawiah

Kelas

: XII IPA 2

"Pendidikan di Indonesia" Assalamu Alaikum warahmatullahi Wabarakatu Selamat pagi,salam sejahtera kanggo urang sadaya. Perbaikan kualitas bangsa kedah ditempuh sarta utamana ngaliwatan atikan. Atikan eta proses anu paos,anu tak liren-liren na kanggo ngahontal hiji tujuan sarta kabuka kanggo nampi ideu-ideu sarta konsep-konsep anyar. Eta hartos atikan,ku kituna hiji waktos kenging ti atikan eta pisan anu bade numuwuhkeun budaya anyar kalawan jalmi anu calakan. Salila jalmi na calakan mangka manehna ngagaduhan kawijakan sarta kebajikan jero jiwana. Barulah sanggeus eta anjeunna sanggem ngawasa sains sarta teknologi. Budaya anyar eta pisan anu barobah kaayaan kontra budaya anu saterusna lebet ka jero tatanan barobah kaayaan balarea (budaya) alternatif anu bade dipilih ku bangsa ieu. Sadayana ngaliwatan atikan anu tertata rapi: atikan anu sanggem mencerdaskeun,sanggem numuwuhkeun jiwa anu bajik sarta bijak,sarta ngawasa sains sarta teknologi. Eta pisan antos anu bade ngarobah bangsa indonesia barobah kaayaan Indonesia anyar. Perkawis ieu kasampak bade barobah kaayaan ”momok” kanggo atikan di Indonesia. Tacan deui masalah kakurangan tanagi pendidik terselesaikan,masalah sarana atikan anu henteu nyukupan wedal,sarta nyusul masalah awis na waragad atikan. Urang rumaos keneh minangka bangsa anu tinggaleun jero sagala rupa perkawis dibandingkeun kalawan bangsa sanes. Ku margi eta hiji-hiji na jalan kanggo mencerdaskeun bangsa nyaeta kalawan ngaronjatkeun atikan demi kanggo ngajadikeun bangsa anu calakan ngaliwatan sistem atikan nasional anu menyeluruh sarta terencana. Nanging kanggo nuju ka arah eta,jalan anu ditempuh paos pisan sarta berliku margi masalah atikan patali pisan kalawan faktor sanes,kaasup masalah ekonomi,kaamanan sarta masalah sosial lianna. Para guru oge dipambrih mimiti ngarobah cara diajar ka siswa. Para guru oge henteu kenging deui mikeun tekanan ka siswa sepertos palajaran ngapalkeun sarta mikeun soal pilihan dobel (multiple choice) margi tiasa berdampak dina pembentukan kapribadian. Peran atikan,minangka sarana pemberdayaan,kedah sacara sadar nyiapkeun peserta didik jero kahirupan balarea sae minangka individu atawa anggota balarea. Pemberdayaan ngan ngagaduhan hartos lamun proses pemberdayaan barobah kaayaan haturan sarta kaduukan ti kabudayaan. Ku margi eta,atikan kedah numuwuhkeun jiwa independensi,ngusikkeun parnyataan diri sarta para pendidik ngawulang siswa kanggo hirup jero harmoni kalawan ngajenan kitu kaayaanana beda. Ka hareupeunana,sistem atikan kedah robih ti instruksional barobah kaayaan motivasional berprestasi,berkreasi,sarta linuhung pekerti. Wassalamu Alaikum Warahmatullahi Wabarakatu.

Nama

: Evelyn Tjandra

Kelas

: XII IPA 2

"Budaya Indonesia" Ibu guru anu ku simkuring dipihormat. Teu kalangkung rerencangan sadayana. Langkung ti payun, mangga urang sami-sami muji syukur ka Tuhan YME. margi mung barokah sareng rohmat mantenna urang tiasa ruing mumpulung dina kasempatan ieu. Hadirin sadayana, dina danget ieu sim kuring bade nepikeun pidato ngenaan watek budaya Sunda. Ari sunda teh asalna tina kecap su anu hartina alus anu ngabogaan unsur kana kasaean. Watek sunda anu ku simkuring dipimaksad nyaeta cageur, bageur, singer, jeung pinter. Harti kecap sunda teh luhur pisan nyaeta gumilang. Harti kecap eta heuteu ngan dilarapkeun dina panampilan , tapi aya dina manah urang sunda sadayana. Dina kahirupan urang sunda seueur pisan kabeungharan seni jeung budayana. Salah sahijina nyaeta Tarling. Tarling singketan tina gitar suling, mimiti munculna di wewengkon Cirebon jeung Pantura iawa barat jaman Balanda, taun 1935-an. Tarling pepek ku sarupaning kamonesan. Aya seni sarimpi, jeung tari topeng minangka bubuka acara. Pareng nincak bulan hajatan teu di desa teu di kota, masarakat rea nu nanggap tarling. Harita tarling kaitung anu pangpayuna diogan ku nu boga hajat. Mung pangaruh dangdut anu diwanohkeun dina taun 70-an ngajadikeun tarling direformasi jadi Tarling dangdut. Beuki dieu tarling klasik kadeseh ku organ tarling anu teu merlukeun modal gede. Beuki dieu kasenian tarling beuki kadesek ku kasenian modern pangaruh tina globalisasi, jiga music pop jeung rock. Seni gitar suling atawa tarling cirebonan anu kungsi dopikaresep kiwari ukur waasna . lagu-lagu taling ngan ukur kadenge dina kaset . komo sangeus ditinggalkeun ku maestro-maestrona. Para hadirin sadayana, urang teh keudah ngiring ngamumule kasenian urang. Kasenian anu jadi kabeungharan urang tong neupi kageugeus ku kasenian luar anu ngajadikeun urang poho kana kasenian jeung kakayaan budaya sorangan. Sakitu wae ti simkuring, pamungkasna mugi-mugi taopek sareng hidayah gubrag ka urang sadaya. Hampura bilih aya kalepatan. Sakali deui nyuhunkeun dihapunteun. Hatur nuhun.

Nama

: Tania Fatiah Rahmadanti

Kelas

: XII IPA 2

"Mieling Kamerdekaan" Assalaamualaikum.wr.wb Kahiji hayu urang panjatkeun puji sareng syukur ka gusti Allah SWT. Anu atos maparinkeun rahmatna ka urang sadaya dugi ka tiasa kumpul ditempat ieu. Henteu hilap, shalawat sarta salam urang curahkeun ka Nabi Muhammad SAW, kulawargana, sahabtna, sareng umatna nepi ka akhir zaman. Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka pihak panitia anu parantos masihan waktos kanggo sasanggem dina acara peringatan hari kemerdekaan Republik Indonesia nu ka 72 taun. Bapa Kapala Sakola, miwah Bapa sareng Ibu Guru, Kitu deui sakumna rerencangan sakola sadaya anu ku simkuring dipikadeudeuh. Dinten ieu, dina raraga paturay tineung Alhamdulillah, urang tiasa patepang dina rarangka meling patepang taun kamerdekaan nagara urang anu ka 72. Peryogi ka uninga, seueur pisan pengorbanan anu tos di pasrahkeun ku para pejuang urang kapungkur dina melaan kamerdekaan nagara indonesia. Ku kituna urang, salaku generasi muda penerus bangsa tos sakeudahna neruskeun perjuangan para pahlawan urang, ku jalan diajar anu giat ngawujudkeun citacita pikeun ngajadikeun kahirupan bangsa indonesia anu lewih hade ajang kahareupna. Sajabina ti eta, seueur keneh hal-hal anu tiasa ku urang lakukeun dina rangka mengisi kemerdekaan ieu. Sapertos, ngajauhan diri tina pangaruh narkoba, jauhan pergaulan bebas, ngahindarkeun tauran, sarta seeur anu sanesna. Intina, urang sami-sami hayu babarengan ngeusian kamerdekaan iyeu ku hal-hal anu positif sarta mangfaat pikeun diri urang. Rupina mung sakitu anu tiasa kapihatur ti sim kuring, Hapunten anu kasuhun, saupami dina biantara ieu aya pisanggem anu kirang merena. Wasalamuallaikum.wr.wb

Nama : Ferelyn Artemesia Kelas : XII IPA 2

"KASEHATAN" Wilujeng Enjing Sadayana. Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan nu dipikacinta.Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Tuhan YME. nu parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara. Para wargi anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit Kaséhatan téh penting pisan jang kahirupan manusa, sabab kaséhatan téh nangtukeun pisan kana kagiatan urang sapopoé, maksadna mun awak urang séhat pasti sagala kagiatan urang bakal lancar. Jeung ogé lamun awak urang séhat pasti jiwa urang bakal kuat, pan aya pepatah “Didalam tubuh yang sehat terdapat jiwa yang kuat”. Janten kaséhatan téh paktor penting nu teu bisa disampingkeun. Lingkungan sabudeureun urang téh kudu beresih, lantaran lamun lingkungan sabudeureun urang kotor, bakal jadi sarang panyakit. Salain éta kaséhatan téh lain ngan ukur kaséhatan ti awak urang wungkul nu kudu di jaga ku urang, lingkungan sabudeureun ogé kudu di jaga, salah sahijina nyaéta, ngaayakeun gotong royong ngabersihkeun lingkungan sabudeureun urang, minimal saminggu dua kali. Kadaharan sapopoé anu séhat jeung ngandung vitamin ogé penting pisan, lantaran kadaharan anu di dahar ku urang nangtukeun ogé kana kaséhatan urang, nyaéta anu nyangkut kana pasualan gizi anu aya di awak urang, sabab zat gizi téh salah sahiji zat anu dibutuhkeun awak urang, zat – zat lain anu dibutuhkeun awak urang nyaéta sapertos zat besi, karbohidrat , vitamin, protein, mineral, sareng lemak. Balukar anu timbul lamun urang teu miara kaséhatan, nyaéta awak urang bakal katerab panyakit, jeung lamun urang teu ngajaga lingkungan sabudeureun urang, bakal jadi sarang panyakit anu ngarugikeun urang, sabab ceuk pepatah ogé, “Lebih baik mencegah daripada mengobati”. Janten, urang téh kudu salalu ngajaga lingkungan sabudeureun jeung awak urang sangkan bersih jeung séhat. Sakitu wae ti simkuring, pamungkasna mugi-mugi taopek sareng hidayah gubrag ka urang sadaya. Hampura bilih aya kalepatan. Sakali deui nyuhunkeun dihapunteun. Hatur nuhun.

More Documents from "Virani Ptri Permatasari"

Zat Gizi Pdf.pdf
May 2020 6
Buku Kia.docx
May 2020 2
Sunda.docx
May 2020 13
Muallimulinshavol3.pdf
November 2019 4
Hashia-al-tahtawi.pdf
November 2019 3