Carita Pondok Sunda

  • Uploaded by: Carita
  • 0
  • 0
  • June 2020
  • PDF

This document was uploaded by user and they confirmed that they have the permission to share it. If you are author or own the copyright of this book, please report to us by using this DMCA report form. Report DMCA


Overview

Download & View Carita Pondok Sunda as PDF for free.

More details

  • Words: 1,992
  • Pages: 7
Carpon Dadi Margana

1

ASMARA NIRCA Carpon : Dadi Margana

Ombak sagara laut kidul teu eureun tingjalegur neumbragan batu karang, marengan renghapna dua insan katambias asmara pupulasan. Sasar lampah ngahayukeun pangajak setan laknatuloh. Angin basisir anu biasana ririh harita mah ngadadak ngamuk nguwak-ngawik, hujan silantang kawas dicicikeun ti langit bae. Cahaya kilat anu tingbaranyay, silih susul jeung dor-darna sora gelap, nambahan ketirna kaayaan harita. Meunang sareureuhan... Bumi alam ginggeung kawas anu rek kiamat bae. Leler-leler meneran wanci sareupna. Angin ngadadak sareh. Hujan kari girimisna wae. Lambak anu tingsiriwik muru basisir, henteu matak inggis deui. Pamayang jeung jalma-jalma anu ngandelkeun kahirupan tina huripna laut kidul, mimiti tingkaruniang tina tempat pangiuhanana. Kitu deui Pa Maman jeung Rani sarua tingkaruniang tina tempat sare hiji kamar hotel anu aya di Palabuanratu. “Engke wengi deui.....nya Pa !” Rani semu ogo nyarita ka Pa Maman. “ Naha.. moal uih kitu ? satadina kahayang mah balik ayeuna sore-sore. Melang ka nu di imah” “ Wios anu di bumi mah, meni diemutan teuing. Teu nyaah... Bapa mah ka Rani teh... nya !” Nyaritana bari naleukeumkeun awakna kana tonggong Pa Maman, nu nangtung hareupeun kaca jandela kamar hotel. Nyawang pamandangan laut anu ngeblak, atra katinggali ti jero kamar. “Is...lain kitu bageur....nyaah.....pisan ka Rani teh!” Pa Maman nyombo ti dituna mah. Seuh-seuhanana mah asa lebar kudu ngaleupaskeun Rani anu geulis, rancunit ! Anu geus ngiwat hatena, nepi ka poho ka anak pamajikan di imah. “Tah....kitu lamun enya bapa nyaah ka Rani mah. Kedah kulem sawengi ieu mah !” “Enya... asal jiga tadi !” Ceuk Pa Maman eleh deet, kituna bari malikeun awakna jadi pahareup-hareup. Beungeutna nampeu adek kana beungeut Rani........... Kira-kira Janari leutik. Pa Maman hudang. Di luareun kamar hotel teu kadenge deui sora jelema. Dedengean ngan saukur sora ombak anu tingjelegur. Ret ka gigireunana. Rani masih ngageubra...kaciri tina beungeutna bangun anu kacida capena. “Emmmh...asa kubagja hirup. Lain ngimpi mah aing teh ?” Pa Maman ngagerendeng sorangan. Sura-seuri gumasep. Inget kana lalampahanana tadi beurang. Serengeh seuri leutik. Kabayang mimitina mah embung, mugen basa Rani ngagugujeg ngajak ulin teh. Satadina asa teu percaya piraku teuing Rani anu geulis. Rani anu ngora keneh. Umurna lamun ditaksir paling moal geseh jauh jeung Tina, anakna anu ka dua. Rani anu ngadadak agresif ka dirina balaka sumerah diri badan sakujur. Lamunan Pa Maman beuki anteng wae. Bari ngaherang nempo lalangit kamar hotel, manehna ngawawaas kajadian endah anu karandapan cikeneh. Lamunan ngacacang nginget-

Carpon Dadi Margana

2

nginget mimiti panggih jeung Rani, tadi isuk-isuk hareupeun hiji toko anu aya di Selabintana. “Keur naon didieu ? Ngadagoan babaturan!” Pa Maman anu jadi Kabag Tata Usaha di salah sahiji SMA swasta, tempat Rani salila ieu nyuprih elmu. Ngahaja nanya ka Rani. Dadakuna mah heraneun nempo Rani geus meh ampir jam tujuh masih keneh encan indit ka sakola. “Ari Bapa geuningan sami can angkat ?” Bangun anu wanter, Rani malik nanya. “Bapa mah jam dalapan asupna oge !” “Ngiring atuh ka Bapa, urang sareng angkatna !” “Kaburu.... kabeurangan atuh inditna bareng mah, puguh moal waka indit ayeuna bapa mah !” “Ah...rek bolos we ! Teu sareng jeung Bapa mah, cumah da bakal kasiangan ka Sakola oge” “Eeeh......ari budak ayeuna ! Henam atuh rek bareng mah, ke...dagoan meuli heula roko,” tembal Pa Maman anu pamaksudanana tadi oge rek meuli roko, nyimpang ka toko teh. “Kelas tilu I Pe Es Rani teh, nya!” Pa Maman tamba kawaranan tumanya deui ka Rani, anu geus anyeucleu, diuk sidengdang dina jok tukang motorna. “Muhun Pa ! “Sakeudeung deui ujian, ngapalkeun sing bener seug ngadenge beja mah batas nilai kelulusan taun ieu mah naek jadi opat koma dua lima,” Pa Maman mapatahan ”Enya saur guru oge kitu ! Tos hoream sakola teh Pa, hayang geura beres. Lamun teu kagok mah ayeuna oge hayang kaluar,” Rani nyaritana teu didingding kelir. “Lebar temenan atuh Ran boga karep kitu mah. Paling oge genep bulan deui sakola teh”. “Ah...duka atuh Pa, sakola oge maksakeun Rani mah, ngabiayaan sorangan. Kolot mah batan sakitu. Duanana oge jiga anu api lain, teu mirosea. Rek sakola hempek, henteu oge kajeun jigana teh”. “Oh....kitu....pantesan! “ Pa Maman ngagerendeng sorangan. “Rani mah teu betah cicing di imah oge. Bapa jeung Ema parantos lami papirakan. Rani cicing teh jeung Indung tere, da indung bener mah ka Saudi, nincak taun kadua ayeuna teh!” Obrolan kandeg tepi kadinya. Saterusna duanana pabetem-betem henteu aya anu nyoara. “Pa... ! Mending urang ka Pantai yu....!” Rani ngamimitian nyarita deui. “Entong Ran ! lain rek ka sakola ?”. “Lah....tadi oge parantos dicarioskeun, hoream sakola teh !”. “Teu sieun kitu dikaluarkeun ku Sakola ?” “ Ah....mangga teh teuing bade dikaluarkeun oge”. Reg deui ! Obrolan kandeg ukur nepi ka dinya. Teu kungsi lila, kadenge Rani nyoara

Carpon Dadi Margana

3

deui. “Resep di pantai mah, Pa !”. Leng.......! Sajongjonan mah Pa Maman ngahuleng. Ngawawaas ulin di basisir, dibarengan ku mojang lenjang. Pangalaman lawas, anu hamo kasorang deui narembongan. Pikirna ngalayang-kumalayang. Rus-ras inget kana lalakon baheula. Mangsa papacangan jeung Mimin, anu ayeuna geus sah jadi pamajikan. Pangulinan anu maneuh teh teu aya deui saukur ka Basisir. Salian ti rineh, oge kaitung murah! Bisa kadongkang ku pangala manehna jaman harita. Lalampahan harita rarasaeun kaalaman deui ayeuna. “Enya, Pa ! Sakali ieu weh.....1” Rani ngagugujeg satengah maksa. “Nam.... Atuh ! “ Pa Maman eleh deet nyaluyuan kana kahayang mojang anu harita dibonceng ku manehna. Akal sehatna geus dirobeda ku pikiran teu paruguh, pagalo jeung parasaan aneh nu ngagalura jeroeun dada. Angot basa karasa tangkeupan Rani anu di bonceng tukangeun beuki mageuhan mah. Motor anu tadina ngadius ka kota Sukabumikeun, balik deui nyemprung ngidul muru basisir Palabuanratu. Wanci rumangsang duanana anjog ka basisir Palabuahratu. Kaitung isuk-isuk teuing. Nu biasa daragang oge lolobana mah narutup keneh. Sanggeus markirkeun motorna. Pa Maman ngajak Rani leuleumpangan mapay-mapay sisi basisir. Dina pasang petana, Pa Maman kawas budak rumaja anu keur dimabok asmara. Leumpangna dangah. Asa aing bisa nyandingkeun mojang mencrang. Cape leuleumpangan, duanana ngiuhan di hiji warung bari barang dahar. Bangun anu geugeut katinggalna teh. Wanci tengah poe. Rani ngajak Pa Maman reureuh di kamar hotel. Teu baha, sumawona nolak. Badis munding dicocok liang irungna. Pa Maman ngahayukeun kahayang si Mojang lenjang. Ti mimiti harita nepi ka tengah peuting duanana ngotok ngowo di kamar hotel teh. Kaselang lamun hayang dahar bae. Kitu oge henteu kaluar ti kamar. Cukup pesen ka pagawe hotel, anu singer nyadiakeun sagala pamenta. Lamunan Pa Maman kandeg nepi kadinya. Alam lamunan kaganti ku kanyataan nu keur disanghareupan, bareng jeung pangaciana anu mimiti kumpul deui. Ret ka anu ngajepat sare gigireun....Nu keur sare kawas anu terus rasa diteuteup antep-antepan. Kulisik manehna hudang. “Har...! Bapa gening teu acan kulem? Hoyong deui....nya! “ Rani ngaheureuyan pinuh ku lelewa, anu ngajadikeun Pa Maman tingsareblak teu puguh rasa pikeun anu kasakitu kalina. Pa Maman teu nembal ditanya kitu ku Rani teh. Ngadon ngahaja nyedekeun awakna sangkan leungeuna bisa ngarangkul beuheung mojang anu aya gigireunana. Rani henteu ngepeskeun rangkulan Pa Maman, anggur ngahaja males ngarangkul deui. Saterusna teu aya deui anu cumarita, nu kadenge ngan saukur sora napas dua insan anu

Carpon Dadi Margana

4

keur kelebuh dina sagara asmara pupulasan, kajiret pitapak setan. Poho ditemah wadi Lali dipurwadaksi. Kocapkeun isukna. Srangenge geus manceran nyaangan buana panca tengah. Cahayana sumeleket asup ka jero kamar hotel, ngaliwatan sela-sela hordeng. Pa Maman mimiti ngulisik. Sapogogan mah hulang-huleng teu puguh, pangaruh tina lulungu. Geus kumpul pangacianna kabeh, kakara manehna sadar kana naon-naon anu geus karandapan. Teerrr....Jajantungna ngadadak ngageter. Kituna teh sanggeus nganyahoankeun, Rani anu marengan sapeupeuting euweuh dina tempat sarena. Pikirna mimiti cus-cos kaditukadieu. Loba warta boh tina koran atawa televisi. Kabejakeun loba kajadian, lalaki anu ngadon ngamar jeung awewe, sabet bongoh lalakina, harta bandana digerejud, ku awewe anu geus marengana. Inget kadinya manehna buru-buru hudang. Panonna ngulincer ka sakuliah ruangan. Saterusna mariksakeun barang-barang bawaan. Imeut dipariksa hiji-hiji. Jam tangan, handpon kabeh araya keneh. Gap...leungeuna uyup-ayap kana luhur risbang. Ceg kana dompetna, laju dipariksa eusina kalayan imeut pisan. Sidik teu aya anu coceng ! “.....Hampura geulis boro....... geus salah sangka,” Dina jero hatena Pa Maman ngomong kitu. Ngarumasakeun geus nyangka anu lain-lain. Sanggeus yakin kitu, Manehna laju muru kamar cai anu ngahiji jeung kamar hotel. Rek sibeungeut beberesih bari maluruh susuganan Rani aya didinya. Beres sibeungeut bari jeung henteu manggihan anu dipaluruhna. Laju muru panto kaluar. Maksudna rek ngalantung di Pavilliun bari nungguan mojang lenjang anu geus mere kasugemaan lahir jeung batin. Bari tumpang kaki maca koran, serebung....serebung Pa Maman nyerebungkeun haseup rokona. Hareupeun nyampak kopi susu. Dahareun ngabarak meunang pesen, ajangkeuneun keur duaan. Hatena bungangan bungah kacida. Sanggeus sakitu puluh taun dirina disibukeun ku urusan-urusan pagawean anu sifatna meres uteuk sirahna, katambah urusan dina ngolah rumah tangga anu salalawasna ngajadikeun beban hirup anu kacida beuratna. Kakara dua poe ayeuna manehna meunang kabebasan hirup. Pangrasana meunang kasinugrahan, kasugemaan lahir jeung batin. Bisa ngararasakeun deui endahna mangsamangsa mimiti anyaran hirup bareng jeung Mimin, anu ayeuna jadi pamajikanna. Keur anteng maca koran, bari hatena mah tetep ambon sorangan. Ngarep-ngarep Rani ngarongheap nyampeurkeun, neruskeun nganyam carita asmara anu tadi katunda. Teu katangen ti mana jolna, dihareupeunana ujug-ujug aya hiji pamuda perlente nyampeurkeun. “Wilujeng enjing Um ! kumaha servis ti Rani teh nyugemakeun ?...” Si Pamuda nyaritana bari hahah-heheh. Mungguh matak rehe pikacuaeun Nempo tingkah laku si Pamuda anu kawas kitu. Pikeun Pa Maman bororaah daek nembalan. Tibang direret ku juru panon, geus kitu mah tonggoy deui kana hanca bacaeun. “Rani mah kalebet high class ! Upami Um hoyong terang pangaosna sawengi jeput mah lima juta. Di keteng mah tiasa mung sa-juta, kanggo short time eta teh Um“ Ceuk Si Pamuda bari leungeuna pepeta.

Carpon Dadi Margana

5

Ngadenge omongan Si Pamuda nu kadua kalina. Amarah Pa Maman mimiti kapancing. Huntuna kekerot nahan amarah. Pok bae manehna nyarita. “Urusan naon didinya ngajablog jiga kitu !” “Ha...ha...hah...ulah waka bendu Um ! Salaku sepuh katambih salaku Kasubag anu dipihormat, teu kengeng ngumbar amarah...... bilih darah tinggi Um !...ha..hah...ha.. “ “Sugan......jalma burung ! Ayeuna keneh lamun teu nyingkah ti dieu, aing rek ngagorowok ngageroan Satpam pikeun ngusir !” “Is...ke lanan tenang Um. Teu dipiwarang oge bade wangsul abdi mah. Ngan wayahna, tadi oge parantos disebatkeun Rani teh pangaosna lima juta. Ku kituna kedah dibayar ayeuna !” Satengah ngancam ngomongna teh. “Nanahaon kudu mayar sagala ! Aing mah teu rumasa jual meuli jeung didinya”. “Tiasa wae Um nyarios kitu, tapi abdi gaduh bukti rekamana tina handphon. Ieu buktosna,” Bari cetrek si Pamuda mencet salah sahiji tombol anu aya dina HPna. Sanggeus kitu nyodorkeun HP anu dicekelna. Sabatae Pa Maman bisa ninggali layarna kalawan atra. Ebreh sagalarupana, naon-naon anu dipilampah ku manehna jeung Rani, basa keur ngalambangsari di jero kamar hotel. “Jelas ayeuna mah ! Sia jeung si Ungkluk teh rek meres ka aing !” Ngomongna ngadegdeg nahan amarah, huntuna kekerot. Beungeutna reup geuneup ray pias, jiga beusi atah beuleum. Belewer HP anu dicekelna dibaledogkeun kana tihang pavilliun hotel. HP ancur burakrakan, onderdilna mancawura dina lantai. Nempo HPna diruksak, si Pamuda angger ayem. Dina ulat pamuluna teu nyirikeun jalma anu ambek. Sanggeus memener diukna jadi sidengdang tumpang kaki. Pok manehna neruskeun cumaritana deui. “Teu sawios diruksak oge ! Da panginten engke oge bakal digentosan deui ku Um. Namung kedah di emut sing paos ! Abdi lain jalma bodo, rekaman aslina mah masih keneh aya di abdi, malihan Rani oge gaduh hiji. Upami Um gaduh maksad bade jalir, moal mayar sakumaha pamenta abdi, wayahna ieu rekaman rek disebarkeun !” Ceuk si Pamuda nyaritana tatag, daria henteu cungar-cengir kawas tadi deui. Beres ngadenge caritaan si Pamuda bieu, leng.......manehna ngahuleng ngaraga meneng. Ngarasa kaduhung geus sasar lampah, ngumbar napsu pangajak setan. Sajongjonan Pa Maman ngarasakeun jangar dina sirahna. Jajantungna ratug, dadana ngarasakeun eungap anu kacida. Dina tetenjoanna bruh-breh beungeut Kepala sakola, guru-guru jeung babaturana, geus puguh beungeut pamajikanana mah , piligenti jeung beungeut anu jadi anakna. Kabeh ngancunan, maido nganaha-naha. Cimahi, 12 Januari 2007 Identitas Pangarang Wasta

: Dadi Margana

Carpon Dadi Margana

6

Tempat/Tgl.lahir : Cimahi, 1-2-1975 Alamat

: Kp. Cukangkawung Desa Tanimulya Ngamprah 40552 No. Telp. 6627522

Pacabakan

: Guru di SMKN 3 Cimahi Jl. Sukarasa No. 136 Cimahi Kota Cimahi No. Telp. 6628404

Carpon Dadi Margana

7

Related Documents


More Documents from "Herman Adriansyah AL Tjakraningrat"