B Sund Hani.docx

  • Uploaded by: hanizaki
  • 0
  • 0
  • December 2019
  • PDF

This document was uploaded by user and they confirmed that they have the permission to share it. If you are author or own the copyright of this book, please report to us by using this DMCA report form. Report DMCA


Overview

Download & View B Sund Hani.docx as PDF for free.

More details

  • Words: 482
  • Pages: 2
Babad panjalu

Zaman baheula di daerah Panjalu aya hiji karajaan anu diparentah ku Prabu Boros Ngora, Sang Prabu kagungan dua putra nyaeta Raden Arya Kemuning jeung Raden Arya Kencana. Kalakuan eta dua raja teh beda pisan. Lanceukna, nyaeta Raden Arya Kemuning sifatna rada barangasan jeung ngedul di gawe. Sedeungkeun adina nyaeta Raden Arya Kencana estuning bageur jeung resep tatanen. Dina hiji poe aya paguneman antara Raden Arya Kemuning jeung Raden Arya Kencana, ceuk Raden Arya Kemuning “eweuh gunana rama Prabu nyieun waduk Lengkong teh, ka cape-cape kudu ngabendung. Padahal mah antep bae teu aya waduk oge urang mah teu burung beunghar ieuh” “Ih .... ari kakang waduk Lengkong teh gede pisan manfaatna, rahayat Panjalu bisa nyawah kalawan teu kakurangan cai, pepelakan jadi salubur, sasaton lalintuh, lauk oge mani ceuyah, rahayat oge katembong barungaheun pisan “ ceuk Raden Arya Kencana. “ heeuh, da adi mah patani, ari akang mah teu hayang teuing jadi patani da akang mah hayang jadi Raja, mun geus pupus Rama Prabu teh, nya meureun akang anu jadi gantina teh!” Arya Kemuning nyerengeh semu anu agul. “ Leres ari kitu mah, tapi ...Raja oge kudu dirojong ku rahayatna, kakang. Mun rahayatna ngedul tur pakayana gaplah, atuh bakal sangsara. Mun geus sangsara pinasti raja oge kabawa malarat. Saha nu salah ? nya Raja da bongan teu bisa mimpin rahayatna.” walon Arya Kencana. “ Meunggeus gandeng! tong sok mapatahan ari ka lanceuk teh! pamali.” ceuk Arya Kemuning muncereng keuheul.

Sabaraha taun tiharita, Prabu Boros Ngora ngecapkeun kalungguhanana salaku Raja Panjalu. Anjeuna masrahkeun karajaan ka putrana anu cikal nyaeta Raden Arya Kemuning. Ti harita anu jadi dalem Panjalu teh Raden Arya Kemuning. Ari Prabu Boros Ngora jeung Raden Arya Kencana mah arindit ka Jampang rek niiskeun diri ti saprak didaleman ku Arya Kemuning, rahayat Panjalu jadi malarat. Kusabab sakabeh hasil tatanen jeung pakaya rahayat teh dirampas ku Raden Arya Kemuning, jeung kemuning teh mindeung curak-carek, beuki lila rahat beuki sangsara bae. Kulantaran geus sagala seep, Kemuning aya maksud rek ngabedahkeun waduk Lengkong. Tapi samemehna rek ngabejaan heula Prabu Boros Ngora di Jampang. Nya manehna nitah pangawalna indit ka Jampang ngabejaan Sang Prabu tapi Sang Prabu moal tiasa ka Panjalu tapi ngirimkeun wakilna nyaeta Raden Arya Kencana. Gancang carita, Raden Arya Kencana jeung pangiringna geus nepi ka Panjalu. Barang jol, kacida ngajeunghokna ningal waduk Lengkong geus saat, koredas taya cai saeutik-eutik acan. Pudigdig bae Arya Kencana teh napsu, awakna ngagidir, panonna buringas. “ Hey, kakang ! kakang teu ngajeunan ka Rama Prabu sok sanajan anjeunan teu sumping, tapi aya kaula wawakilna. naha kakang geus wani-wani ngabedahkeun waduk Lengkong tanpa idin ti kaula” ceuk Arya Kencana. “ Kaula mola ngajenan ka andika kusabab andika mah adi kaula, lain Rama Prabu “ ceuk Arya Kemuning. Bakat ku keuheul, Arya Kencana teh ngarontok Arya Kemuning. antukna der bae galungan campuh pisan. Balad-baladna oge sarua pada tarung ragot pisan untung kaburu datang utusan Prabu Boros Ngora ti Jampang.

Related Documents

B Sund Hani.docx
December 2019 4
B
November 2019 37
B
November 2019 46
B
November 2019 41
B
November 2019 37
B
May 2020 33

More Documents from ""

B Sund Hani.docx
December 2019 4