SISINGAAN
Sisingaan mangrupa sisa kasenian tradisional urang sunda nu dimainkeun ku cara merenahkeun budak diluhureun sisingaan jijieunan anu dibarengan ku 4 (opat) penari make iringan tarompet jeung kendang. Sisingaan mangrupakeun pintonan anu atraktif jeung ngahibur penonton. Seni budaya sunda ieu ayana di Kabupaten Subang, provinsi Jawa Barat. Ieu mangrupa seni buhun anu masih aya nepi kakiwari. Sisingaan biasana ditanggap dina acara khusus, sapertos acara syukuran jeung hajatan warga. Dina acara sisingaan, hiasan dijieun dina rangkeyan daun pineus anu ditambahan keretas. Biasana motifna paying jeung hiasan. Tapi dina sisingaan modern boneka singa anu nyeples jeung aslina.
Nalika tampil euweh bedana antawis sisingaan modern jeng sisingaan tradisional. Gerakan jeung cara nyekel singa mintonkeun gerakan anu hamper sarua. Pintonan sisingaan dibarengan ku musik nu jiga pencak silat. Sapasang budak leutik anu make baju adat sunda ditaekeun kana sapasang sisingaan anu diangkat ku 4 (opat)
panari.
Gerakan-gerakan
jiga
jurus
silat
dipintunkeun bari diseselaan ku jaipongan, seni tari ti Jawa Barat. Baheula pamaen sisingaan teh dalapan urang lalaki anu ngagotong boneka singa, dibarengan ku saurang pamingpin kolompok, sababaraha urang pamaen waditra jeung dua urang nu maenkeun jajangkungan. Atraksi sisingaan ngahijikeun tilu unsur budaya anu utama nyaeta gerak tari atawa pencak silat, lajeung jaipongan, seni sora gamelan, kendang jeung gong.
Sarta seni busana anu dipake ku para pamaenna. Para pamaen sisingaan mintonkeun acrobat jeung nari anu atraktif, rupa-rupa gerakan ieu matak ngajadikeun warga anu ningalina ngarasa kahibur. Ditengah zaman modern jeung ayana budaya asing anu asup, sisingaan anggeur bisa lumaku nepi ka kiwari minangka pintonan rakyat di daerah Subang, Jawa Barat. Aya budak nu diuk
luhuren
singa,
mangrupa
salaku
symbol
perjuangan pembebasan nasional pikeun ngelehkeun kakuatan penjajah ti jero nagri.
#Rengse#