Silaturahmi

  • June 2020
  • PDF

This document was uploaded by user and they confirmed that they have the permission to share it. If you are author or own the copyright of this book, please report to us by using this DMCA report form. Report DMCA


Overview

Download & View Silaturahmi as PDF for free.

More details

  • Words: 655
  • Pages: 2
SILATURAHMI Kanggo Umat Islam, Udil Fitri teh mangrupakeun poe anu gumbira kumargi tiasa ngalaksanakeun kawajiban puasa Ramadhan sasasih lamina. Puasa oge ngarupakeun ungkapan syukur ka ALLAH SWT. Anu ngajangjikeun pangampunan dosa kanu puasa kalayan ikhlas, sahingga anjeunna mulang kana kaayaan suci layakna orok anu dilahirkeun tanpa dosa. Ungkapan syukur tina pangampunan dosa ti ALLAH ieu, diteuraskeun kana pangampunan dosa ka sasama manusa. Anu sateurasna ngalahirkeun tradisi silaturahmi sareung saling ngahampura anu dikenal agama nyaeta Halal Bihalal. Tradisi ieu ti kapungkur dijalani kalayan hikmat ti kulawarga kalayan tujuanana kanggo kulawarga sareung ngarakeutkeun tali silaturahmi. A. Anjuran sareung mangfaat silaturahmi. 1.

Nabi Muhammad SAW, bersabda :

Sing saha anu hoyong dipanjangkeun jejak pangaruhna sareungdiseueurkeun rizkina, maka senantiasa anjeunna nyambungkeun duduluran (H.R. Bukhari&Muslim) 2.

Sing saha anu hoyong dipanjangkeun umur sareung diseueurkeun rizkina, maka

senantiasa

anjeunna

taqwa

ka

ALLAH

sareung

nyambungkeun

duduluran

(H.R.

Bukhari&Muslim) 3.

Ditaroskeun ka Kanjeung Rasul SAW.: “saha jalma anu paling utama? Rasul ngawaler :

“jalma anu paling taqwa ka ALLAH, paling seueur nyambungkeun duduluran, paling seueur marentahkeun jalma kanu makruf sareung paling seueur nyeugah kanu mungkar (H.R. Ahmad &Thabrani) 4.

Shadaqoh anu paling afdol nyaeta ka karabat anu mutuskeun duduluran (H.R. Ahmad,

Thabrani & Baihaqi) B. Larangan mutuskeun silaturahmi “moal asup ka sawaega jalma anu mutuskeun. Anu maksadna mutuskeun tali silaturahmi.” C. Adabadah silaturahmi 1.

Nagjaga lisan sareung Akhlak, lemah lembut heunteu kasar sareung bengis,

panghampura sareung menta panghampura, musyawarah, tawakal. (Q.S Ali Imran ; 159) 2.

Heunteu lami dina namu (Q.S Al Ahzab ; 53)

D. Hirup teh ngumbara. Moal lila da aya pangbalikan nu teu kagambar lilana. Moal ka erong kaayanana. Anu jelas ngan aya dua pilihan, naraka jeung sawarga. Kamana jigna, gumantung nilai urang keur didunya. Tapi pan urang mindeung lali, yen hirup eukeur di uji. Keur kukumpul kridit poin pikeun boroeun jaga. Rarasaan mah hirup teh hirup we, moal panggih balitunganana. Rea hirup meleng, teu daek ngitung waktu, ngijir wanci, geus sakumaha beubeunangan hirup nu panteus bawaeun. Ngahadeup Illahi Robbi. Bagja urang jadi umat Islam aya bulan pikeun susuci, meureusihan rereged diri. Sabulan dina sataun, sabatae mun ikhlas milampahna kalayan iman tur miharep Ridho Allah. Apan urang meunang ampunan dosa-dosa anu geus kaliwat (HR. Al Bukhori). Bagja beh ditueun urnang, bakal kekerenekan guying ku kanistaan. Allah Maha Welas Tur Maha Asih, Maha Bijak memang teu miharep umat-Na rea kekerebekan dina umpalan panasna godogan timah naraka. Masya Allah. (Bapak miwah Ibu)

Bapak miwah Ibu, puasa manggih lebaran. Ulah kawas paribasa mak-mak meuk-meuk deui, kokomoan deui, siga kuda leupas tina gedogan. Tapi urang maknaan nu jero. Meungpeung urang Fitri deui, ibarat orok karek brol. Urang omean sagala kasalahan, kakaliruan. Urang tanghi ngawangun deui jati diri, mangka eling asal timana mulang kamana tadarus sabulan, sing jadi makna pibeukeuleun hirup satauneun. Kitu jeung kit uterus. Apan poe ieu kudu leuwih alus batan kamari, poe isuk kudu leuwih alus batan ayeuna. Sing ngawujud menta ampunan teh kucara kapok. Rasa kaduhung teh bagian tina tobat (H.R. Abu Daud/al Hakim). Saestuna Allah mikaresep hiji hamba nu tigebrus kana dosa, tapi daek tobat (H.R. Ahmad). Mugia Bapak miwah Ibu puasa urang katampi ku Gusti Robbul Alamin, kalawan tiasa ngalebur dosa-dosana, Amin. Bapak miwah Ibu wilujeung boboran syiam. Hampunteun simkuring sakulawarga, lahir batin dunya akherat. Urang papag bageur poe isuk nu leuwih bagja. E. Sakanteunan sim kuring nyisipkeun oleh-oleh kumargi dina akhlak-akhlak ieu sumanget kerja di SMAN 1 Majalaya kirang nyumponan kumaha anu dihareupan. Nu utama ngeunaan tata tertib sareung disiplin kerja rypina rada ngurangan, kirang perhatosan. Kukituna sim kuring ngemutan tina perekawis : 1.

Guru, TU, Caraka. Kahadiran tepat waktu (budaya tepat waktu) pk 07.00 s.d. selesai.

2.

Budaya disiplin kerja keudah nyandak persiapan RPP sasiapna waktu.

3.

Budaya

4.

Budaya bersih

Kumargi maju mundurna ieu sakola tanggeul waler sadayana. Kumargi kitu ku ayana kasempetan ieu sakali deui sim kuring sumajak ka para saderek pikeun ngadeugkeun deui disiplin paraturan sarta tata tertib anu jadi ka tangtuan. Hayu urang sami-sami tingkatkeun sumanget kerja. Hatur nuhun mugia aya mangfaatna. Wr.Wb.

Related Documents

Silaturahmi
June 2020 16
Silaturahmi
July 2020 15
Hotd-silaturahmi
October 2019 24
Silaturahmi Kkn Upi Edit
August 2019 31